Selamat Datang

Selamat datang di Blog anyar yang baru lahir ............ namun semoga ada manfaatnya gitu ......lo...................!

Artikel

Dongeng

NGANJANG KA ALAM SILUMAN

Gilang pangajen nu ku sim kuring dipihormat, ibu/bapak sareng saderek sadayana anu sami hadir di ieu tempat, nepangkeun simkuring wasta …………..utusan ti SD Datarkubang, Dina waktos ieu seja medar dongeng anu judulna “Nganjang ka Alam Siluman”.
Nyukcruk galur nu kapungkur mapay-mapay carita nu baheula mangga ieu dongeng urang kawitan.
Diwewengkon Naringgul jigana tiap jalma oge geus pada apal yen dibeulah wetan Naringgul teh aya cadas nu nangtawing luhur pisan ,lamun ditinggali tikajauhan mah matak endah pisan sabab di sagigireun cadas teh aya hiji curug nu caina ngagulidag badag pisan. Ceuk nurutkeun carita dieta cadas teh aya siluman, cenah nu matak arang langka aya jalma anu wani ngulampreng ka sabudeureun eta cadas, tapi da kitu oge karek ceuk beja.
Kacaritakeun di hiji imah aya dua jalma ker uplek bae ngobrol salaki  jeung pamajikan. Ari katelahna dieta lembur mah ngarana the Bah Arnasan jeung Ambu Jumi
Ambu            : “Abah lain urang teh sakitu geus lilana rumah tangga tapi angger susah jeung susah na iraha atuh ari batur arek cara urang nya?”
Abah            : “ Heueuh ari geus kudu kumaha atuh ambu?”
                         (ceuk si abah bari melong ka si Ambu)
Ambu            : “ Lain ari abah pernah ngadenge teu cenah di cadas bodas teh aya siluman sugan we atuh ku urang bisa dipentaan tulung?”
Abah            :” Nya puguh we atuh apal mah , na maksud ambu arek kumaha kitu?”
Ambu            :” Kumaha lamun ambu arek nyobaan kaditu nepungan sugan we atuh mere milik kaurang da cenah ceuk beja ari ku awewe mah sok babari “
Abah            :” Nya ari kahayang ambu kitumah jung we cobaan  kaditu”.
         Kacaritakeun isukna Siambu kencling indit arek nepungan siluman nu aya di cadas bodas eta, teu poho menta dianteur ka juru kuncen anu katelahna mah moal dibejakeun ngarana, bisi ke ditarurutan  .
Cunduk ka nu dituju, Ambu Jumi jeung juru kunci geus tepi ka sisi cadas. Dina cadas narangkod lulukutan. Lebah anu nangtawing aya anu nyègog. Éta tèh lawang guha anu cenah hiji lawang lamun hayang asup ka nagri siluman.
Samemeh ambu Jumi asup ka jero guha, juru kunci mapatkeun heula jampe sangkan ambu Jumi bisa asup ka alam siluman .
“Om …wilahom hom..hom..hom..   hom pimpa alaihim gambreng..!
Punten mangga, ari ga      gatot gaca, ari ca   cau ambon, ari bon
bonteng asak, ari sak    sakit perut, ari rut   rujak asem, ari sem
sempal sempil, ari pil   pilm rame, ari me    meja makan, ari kan
kantong kosong, ari song     song song lampu, ari pu
puak paok, ari wok    wok berewok,
 buah……buah….
(ceuk juru kunci bari bubura ka kenca jeung ka katuhu.)
Bus Ambu Jumi asup, karek oge tilu lengkah ngadak-ngadak bray caang, ambu ngagebeg sabab tetela manehna teh geus aya di nagri siluman.
Dasar milik, geuning teu hese nepungan Raja siluman teh ceuk gerentes hate Ambu Jimi. Kacaritakeun si ambu geus patepung jeung raja siluman da teu hese puguh oge dianteurkeun kupangawal karajaan siluman
          “Hey jalma aya naon anjeun  nepungan kaula?” Ceuk raja siluman
Ambu    : “Puguh kuring teh seja nyungken tulung gusti
                (ceuk si ambu bari cedok nyembah)
Raja      : “Na hayang naon kitu anjeun teh?”
Ambu    : “ Nya hayang jiga batur we  sagala kahayang kacumponan”
Raja      :” O……o…oooooooo…………………! Gampang atuh , tapi ke heula ari anjeun teh urang sunda nya?
Ambu    :” Muhun naha geuning uninga?’
Raja      :” Nya puguh we  da kaciri atuh ari urang sunda mah”
Ambu    :” Muhun “
Muhun ari mojang sunda mah da sanajan aya di nagri siluman oge tetepwe gareulis  “ Ceuk gerentes hate si Ambu PD pisan (PD=percaya diri)
Raja      :” Ha…ha…ha    lain siah lain geulis tapi kaciri nyaritana bau jengkol, Pangawal anteurkeun kaditu kalawang sina balik, ke lila teuing didieu mah bangsa  urang mabok jengkol”.
          Gerewek siAmbu ditewakku pangawal lung dialungkeun kalawang guha.
Tulung………………………! Tulung …………………. Ceuk siambu  gogorowokan ,
Korejat siambu lilir keukeureuceuman, sihoreng teh pamiarsa si ambu ngimpi nganjang ka alam siluman.
Cag ….ah ieu dongeng urang teundeun dihandeuleum sieum geusan sampeureun deui, permios…………………………….. Assalamu alaikum wrb.